Stasion Tasikmalaya

Stasion Tasikmalaya

  • Singgetan: TSM
  • Nomor: 1630
Stasion Tasikmalaya ditempo ti hareup
LokasiJalan Stasion Tasikmalaya No. 8
Léngkongsari, Tawang, Tasikmalaya, Jawa Kulon, 46111
Indonésia
Luhur+349 m
OperatorDaérah Operasi II Bandung
Letak ti pangkalkm 270+193 lintas BogorBandung
BanjarKutoarjoYogyakarta[1]
Jumlah péron3
Jumlah jalur7
Informasi lain
KlasifikasiBadag tipeu C[2]
Sejarah
Dibuka16 Séptémber 1893
Layanan
Argo Wilis, Turangga, Lodaya (régulér & tambahan), Malabar, Mutiara Selatan, Pasundan (régulér & tambahan), Kahuripan, Kutojaya Selatan (régulér & tambahan), Galunggung, Pangandaran, jeung Serayu
Fasilitas jeung téknis
Tipeu pasinyalanÉlektrik
Pamesenan tikétSistem tikét onlén; ngalayanan pemesenan langsung jeung parobahan/pabolayan kaberangkatan di lokét. Aya fasilitas ala bandara mangrupa check-in mandiri pikeun nyitak boarding pass.
Lokasi dina peta

Stasion Tasikmalaya (TSM) nyaéta stasion karéta api kelas gedé tipeu C anu perenahna di Léngkongsari, Tawang, Kota Tasikmalaya. Stasion anu luhurna +349 méter dbs ieu kaasup ka Daérah Operasi II Bandung. Stasion ieu boga tujuh jalur karéta api, jalur 2 minangka jalur lurus. Stasion Tasikmalaya geus ngagunakeun sistem pasinyalan éléktrik. Taun 1990-an karéta anu eureun di stasion ieu ngan karéta api kelas ékonomi wungkul, ngan saenggeus Tasikmalaya jadi kota administratip awal taun 2000-an, kota ieu jadi kota pangmajuna sarta paling berkembang di Priangan Wétan. Tuluy karéta kelas éksekutip jeung bisnis ogé eureun di stasion ieu pikeun naék-turunkeun panumpang.

  1. Subdit Jalan Rel dan Jembatan (2004). Buku Jarak Antarstasiun dan Perhentian. Bandung: PT Kereta Api (Persero). 
  2. Buku Informasi Direktorat Jenderal Perkeretaapian 2014 (PDF). Jakarta: Direktorat Jenderal Perkeretaapian, Kementerian Perhubungan Indonesia. 

© MMXXIII Rich X Search. We shall prevail. All rights reserved. Rich X Search